Back

ⓘ Diponegoro



                                               

Kuda lumping

Kuda Lumping nyaéta kasenian wangun ibing anu dipaénkeun ku saurang maké kukudaan minangka média. Iwal ti éta ibing kuda lumping biasana sok aya atraksi anu bahaya saperti ngadahar beling, jukut, mesek kalapa maké huntu, jsb. Ieu hal nu ngajadikeun kuda lumping sok dipatalikeun keun hal-hal anu magis, saméméh minton pamaén kudu ngayakeun ritual pikeun kasalametan. Masarakat mikawanoh kasenian kuda lumping minangka kasenian anu magis lantaran dina ritual pamaén jiga nu diasupan roh sangkan bisa ngadahar beling atawa nu séjénna, katambah ku gamelan jawa anu marengan nambah suasana magis dina ...

                                               

Tugu Adipura

Tugu Adipura kadangkala disebut tugu Gajah mangrupakeun monumen lokasina di jantung Bandar Lampung, Indonesia. tugu ieu lokasina antara NANGTANG Jl.Raden Pedes, Jl.Jendral Sudirman, Jl. Diponegoro jeung Jl. A Yani, hiji tempat nu biasa digunakeun ku jalma pikeun meunang-kumpul, hususna peuting. Beurang tugu bersih kotana geus mindeng ogé dipaké ku démonstran pikeun nganyatakeun aspirasi maranéhanana. tugu Ieu ciri kota di Bandar Lampung, atawa kota tugu ampir bersih dijieunna tina kotana Bandar Lampung leuwih lincah sarta metot. Tugu nangtung di tengah kolam renang teu jero na aya sababara ...

Diponegoro
                                     

ⓘ Diponegoro

Dipanegara atawa anu leuwih dipikawanoh Pangéran Diponegoro dina yuswa 69 taun) nyaéta salah sahiji Pahlawan Nasional Républik Indonésia anu ditetepkeun ku SK Présidén Nomer 087 taun 1973. Pangéran Diponegoro kasohor ku tarékahna mingpin Perang Diponegoro balukar tina lalampahan pamaréntah Hindia Walanda anu harita sangunahna baé henteu ngahargaan budaya jeung tradisi masarakat satempat, ogé larapan pajég anu luhur ka rahayat.

                                     

1. Hirup hurip

Pangéran Diponegoro réréhan ti Sultan Hamengku Buwono III anu indungna téh salah saurang selir nyaéta R.A. Mangkarawati asal ti Pacitan. Diponegoro keur leutik dipaparin ngaran Radén Mas Antawirya éjahan Jawa: Ontowiryo. Nalika rék dijadikeun raja, Diponegoro nampik nu kalakah milih ninggalkeun karaton. Kajadian ieu alatan anjeunna rumasa teu boga hak salaku anak ti saurang selir, lain permaisuri.

Diponegoro ogé leuwih kabita ku kahirupan agamis tur ngarahayat sangkan leuwih resep netep di Tegalrejo, padumukan nini buyutna, Ratu Ageng Tegalrejo, permaisuri HB I. Lian ti éta, Diponegoro ogé henteu resepeun kana pacorok kokodna Hindia Walanda anu kaleuleuwihi di sabudeureun karaton. Mangsa harita Diponegoro miboga 3 urang pamajikan, nyaéta Bendara Radén Ayu Kedhaton, Radén Ayu Ratnaningsih, jeung Radén Ayu Ratnaningrum.

                                     

2. Perang Diponegoro

Diponegoro taakna mah nalika Walanda baris ngagusur kuburan karuhunna pikeun dijieunkeun jalan sangkan jadi balukar ngamimitianna Perang. Lian ti éta, Diponegoro ogé kumesel kana lalampahan Walanda anu teu mihormat adat istiadat satempat ogé kacida ngérétanana ka rahayat ku ngabebankeun pajég nu kaleuleuwihi. Perang ieu tumerus kasohor ku ngaran Perang Diponegoro. Perang ieu ti mimiti ping 20 Juni 1825 tur lumangsung salila lima taun anu kacutat minangka salah sahiji perang pangbeuratna anu disanghareupan ku Walanda.

Sikep Diponegoro anu ngalawan ka Walanda kalayan bubukaan ieu jadi perhatian sangkan dirojong ku rahayat. Ku kahayang ti uwana, Pangéran Mangkubumi, Diponegoro incah ti Tegalrejo jeung nyieun markas di hiji guha anu ngaranna Guha Selarong. Harita Diponegoro ngedalkeun yén lalawanana téh nyaéta perang sabil, lalawanan nyanghareupan kaum kafir. Sumanget "perang sabil" anu dikobarkeun ku Diponegoro mawa pangaruh léga nika ka wewengkon Pacitan jeung Kedu. Salah saurang inohong agama di Surakarta, Kyai Maja, ilubiung jabung jeung pasukan Diponegoro di Guha Selarong. Perjoangan Pangéran Diponegoro ieu dirojong ku S.I.S.K.S. Pakubuwono VI jeung Radén Tumenggung Prawirodigdaya Bupati Gagatan.

Nalika Tegalrejo aya dina pangawasa Walanda, Diponegoro bajoang ku cara ngagerilya. Ku hidup pundah-pindah, Walanda héséeun dina rék nangkepna. Salila perang ieu karugian pihak Walanda teu kurang ti 15.000 pasukan jeung 20 juta gulden. Mangrupa-rupa cara terus dilakonan ku Walanda pikeun nangkep Diponegoro. Malihan mah diayakeun sayembara anu hadiahna 50.000 Gulden dibikeun ka saha baé anu bisa nangkep Diponegoro.

Walanda ogé ngalarapkeun taktik Bénténg Stélsel pikeun ngawates lalampahan Diponegoro. pikeun nangkepna, Walanda nyieun jebakan ku ngondang Diponegoro ngarunding di Magelang. Dina tanggal 28 Maret 1830, Diponegoro katangkep jeung dipiceun ka Manado, saterusna dipindahkeun ka Makassar. Antukna Dina ping 8 Januari 1855, Pangéran Diponegoro tilar dunya tur dikurebkeun di Makassar.

Free and no ads
no need to download or install

Pino - logical board game which is based on tactics and strategy. In general this is a remix of chess, checkers and corners. The game develops imagination, concentration, teaches how to solve tasks, plan their own actions and of course to think logically. It does not matter how much pieces you have, the main thing is how they are placement!

online intellectual game →