Back

ⓘ Piano



Piano
                                     

ⓘ Piano

Piano, salasahiji alat musik modérn. Asal kecapna tina basa Italia nyaéta pianoforte. Nu maén piano disebut pianis. Dina mimiti ngajieunna, piano dimekarkeun tina waditra kacapi. Bédana téh ari kacapi mah maénkeunana dipetik sedengkeun piano ku cara neken tuts-tutsna. Sacara umum piano kaasup kana kelompok musik instrumental. Sora piano asalna tina geteran papan sora, nepi ka sora nu dihasilkeun bisa diatur gede leutikna.

                                     

1. Sajarah Piano

Piano lahir tina kahayang ngahijikeun kaéndahan nada clavichord jeung kakuatan harpsichord. Kahayang éta ngabalukarkeun Marius nu asalna ti Paris 1716, Schroter ti Saxony 1717, jeung Christofori 1720 ti Padua Italia pikeun nyieun piano. Hasil nu lengkep sarta sampurna dijieun ku Bartoloméo Christofori hasil tina piano harpsichord jeung spinet harpsichord leutik di Istana Florentine-istana Ferdinand de’Medici. Ayeuna, éta piano munggaran téh diteundeun di Metropolitan Museum of Art di New York. Pertengahan abad ka XVII, piano dijieun dina sababaraha wangun. Mimitina mah aya nu dijieun mirip désain harpsichord kalawan senar nu luhur. Piano jadi leuwih pendék sanggeus John Isaac Newton ngamodifikasi tempatna nepi ka sajajar jeung téhel. Dina ahir periode 1790 piano era Mozart ngalaman parobahan di mana instrumen modérn katingali leuwih unggul. Dina révolusina, piano loba meunangkeun dukungan ti para komposer jeung pianis-pianis nu kasohor. Lantaran kitu, dina cara nyieunna ogé maké téhnologi canggih. Dina sawatara waktu, gaya sora piano nambahan tina 5 oktaf jadi 7 1/3 atawa leuwih oktaf, nu némbongkeun piano beuki modéren. Majuna ieu téhnologi piano alatan dukungan perusahaan di Inggris, Broadwood. Perusahaan Broadwood ngirim pianona ka Hadyn jeung Beethoven. Taun 1820 ieu piano ahirna disampurnakeun jadi tujuh oktaf. Tuluy kaluar tuntutan instrument musik nu leuwih hampang sarta murah. Alatan hal éta, dijieun waé piano pasagi. Nepi ka taun 1860-an piano pasagi loba dipaké. Rangka senar piano nu munggaran mah maké rangka kai tur ngan ukur bisa nahan tegangan nu hampang tina senarna. Balukarna nalika abad ka XIX diwangun gedong-gedong konser nu ukuranana gedé, éta sora piano kurang cocog. Alatan hal éta, piano nu maké rangka wesi mimiti dijieun. Taun 1800 Joseph Smith ti Inggris nyieun piano maké rangka logam. Piano hasil inovasi bisa nahan tegangan senar leuwih kuat nepi ka sora nu dihasilkeun ogé leuwih gedé. Taun 1882, Erard sadudulur maténkeun double escapement action nu aya patalina jeung cara kerja piano. Notasi piano asalna mah miboga 62 tuts jeung lima oktaf sarta dilengkepan ku pedal. Éta pedal dipakéna maké tuur. Tapi pedal nu maké suku nu diwanohkeun ku Inggris leuwih popiuler nepi ka kiwari. Sajumlahing kamekaran aya dina abad ka XIX jeung XX. Tegangan senar nu mimitina ditetepkeun 16 ton dina taun 1862, nambahan jadi 30 ton dina piano modéren. Taun 1930-an aya piano éléktronik piano listrik. Dadasarna tina téhnologi éléktroakustik atawamétodeudigital. Nada sorana kadéngé ngaliwatan amplifier jeung loudspeaker.

Free and no ads
no need to download or install

Pino - logical board game which is based on tactics and strategy. In general this is a remix of chess, checkers and corners. The game develops imagination, concentration, teaches how to solve tasks, plan their own actions and of course to think logically. It does not matter how much pieces you have, the main thing is how they are placement!

online intellectual game →