Back

ⓘ Sunda



                                               

Hawu

Hawu asalna tina basa Jawa nyaéta tina kecap awu anu hartina abu. Dina basa Sunda, disebut lebu. Jadi, hawu nyaéta tempat ngumpulna abu atawa lebu. Di masarakat Sunda dipikawanoh dua wanda hawu nyaéta hawu nu basajan jeung hawu nu dijieun tina gerabah. Hawu nu basajan mah dijieunna tina bata nu ditumpukkeun sarta teu dilapisan ku taneuh liat. Ku kituna, hawu nu modél kieu biasana tara kuat sarta babari paburantakan saupama kagédor téh. Hawu nu kadua wangunna sarupa jeung hawu nu basajan tapi miboga dua liang pikeun tempat masakna anu ngajajar ka tukang atawa ka gigir. Hawu ieu dilapisan ku ...

                                               

Samping

Samping nyaéta kaén panjang nu dibeulitkeun dina cangkéng nu nutupan nepi ka suku. Aya nu disebut samping sarung, samping kebat, samping batik jeung samping poléng/polékat. Aya sababaraha jenis samping di antarana aya samping jangkung jeung samping lamban, Samping jangkung nyaéta jenis samping nu ka handapna ukur semet tuur atawa nengah bitis sedengkeun samping lamban nyaéta samping nu tungtungna dilipet. Samping mangrupa papakéan awéwé anu di batik sarta dipakéna nutupan bagian badan tina beuteung nepi ka mumuncangan. ceuk kolot baheula lamun awéwé anu hamil teu meunang maké samping sabab ...

                                               

Raden Yogaswara

                                               

Kotokeun

Kotokeun Nyctalopia, Yun. lolong peuting nyaéta kaayaan hésé atawa teu bisa nempo dina lingkungan nu poék atawa kurang cahya. Ieu mangrupa gejala sababaraha kasakit mata nu bisa jadi bawaan lahir, alatan tatu atawa kurang gizi misalna baé alatan kakurangan vitamin A. Dina basa Sunda jeung Indonésia, ieu kasakit disebut kotokeun jeung rabun ayam atawa rabun senja, tumali jeung watek hayam nu teu bisa nempo wanci peuting. Umumna, kotokeun téh balukar tina retinitis pigmentosa, cacad alatan sél batang dina rétina leungiteun kamampuhna dina nampa cahya. Sabab séjénna ieu kasakit nyaéta kakuran ...

                                               

Laksa (disambiguasi)

Laksa bisa nujul kana babaraha maksud di handap: Laksa: rébu; salaksa hartina sarébu Laksa: ngaran kadaharan anu dijieun tina emih nu disamaraan Ngalaksa: upacara adat di masarakat Sunda

                                               

Aki (disambiguasi)

Dina basa Sunda, Aki bisa nujul ka: Aki akumulator - alat nu bisa neundeun énérgi listrik dina bentuk énérgi kimia. Aki - bapana kolot, turunan kadua ka luhur nu lalakina, anak lalaki ti buyut.

                                               

Huru Batu

Huru Batu nyaéta salah sahiji tatangkalan nu ngaran ilmiahna Litsea fulva. Ngaran sejen ieu tatangkalan dina bahasa Sunda nyaéta huru kacang, huru koneng atawa huru tanduk, lamun dina bahasa Pilipina mah nyaéta batikuling atawa limbahan.

                                               

Ki Endog

Ki Endog nyaéta salahsahiji tatangkalan anu ngaran ilmiah na Xanthophyllum excelsum Miq. Lian ti éta, dipikawanoh ogé kalayan ngaran endog-endogan, jerukan di tatar Jawa; banig, bok-bok,atawa dugi di Philiphina; jeung hu yan di Thailand. Wangun ieu tatangkalan ukur tangkal asli.

                                               

Saliara-Centé

Saliara-Cente, ngaran ilmiahna nyaéta Lantana camara L. Ari ngaran séjénna dina bahasa Inggris nyaéta sage, wild sage, bahasa Indonesiana: kembang telek, bahasa Jawana: tembelekan, bahasa Malaysiana: bunga pagar, bunga tahi ayam, jebat harimau, bahasa Thailandna: kaam kung, khee kae, yeesun.

                                               

ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ

ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮑᮆᮒ ᮘᮞ ᮔᮥ ᮓᮤᮕᮊᮦ ᮊᮥ ᮊᮥᮛᮀ ᮜᮩᮝᮤᮂ |᮴᮱| ᮏᮥᮒ ᮏᮜ᮪ᮙ ᮓᮤ ᮝᮨᮝᮨᮀᮊᮧᮔ᮪ ᮊᮥᮜᮧᮔ᮪ ᮕᮥᮜᮧ ᮏᮝ ᮃᮒᮝ |᮱᮳|,|᮶| ᮕᮨᮁᮞᮦᮔ᮪ ᮒᮤ ᮕᮧᮕᮥᮜᮞᮤ ᮄᮔ᮪ᮓᮧᮔᮦᮞᮤᮃ. ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮊᮃᮞᮥᮕ᮪ ᮊᮔ ᮊᮥᮜᮝᮁᮌ ᮘᮞ ᮃᮅᮞ᮪ᮒᮢᮧᮔᮦᮞᮤᮃ - ᮙᮜᮚᮧ-ᮕᮧᮜᮤᮔᮦᮞᮤᮃ - ᮙᮜᮚᮧ ᮊᮥᮜᮧᮔ᮪-ᮕᮧᮜᮤᮔᮦᮞᮤᮃ - ᮞᮥᮔ᮪ᮓᮤᮊ᮪ ᮔᮥ ᮙᮤᮘᮔ᮪ᮓ ᮞᮘᮘᮛᮠ ᮓᮤᮃᮜᮦᮊ᮪/ᮜᮧᮌᮒ᮪ ᮓᮥᮙᮞᮁ ᮕᮓᮥᮙᮥᮊᮔ᮪ ᮏᮜ᮪ᮙᮔ: ᮕᮛᮠᮡᮍᮔ᮪, ᮎᮤᮛᮨᮘᮧᮔ᮪, ᮏᮩᮀ ᮘᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪, ᮘᮢᮨᮘᮨᮞ᮪ ᮘᮧᮌᮧᮁ, ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪, ᮕᮛᮠᮤᮃᮍᮔ᮪ ᮒᮦᮂ ᮝᮤᮜᮚᮂ ᮔᮥ ᮕᮍᮣᮧᮘᮔ ᮓᮤ ᮒᮒᮁ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ, ᮙᮤᮔᮀᮊ ᮓᮤᮃᮜᮦᮊ᮪ ᮅᮒᮙ ᮘᮞ ᮜᮥᮜᮥᮌᮥ ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮔᮥ ᮓᮤᮃᮏᮁᮊᮩᮔ᮪ ᮒᮤ ᮙᮤᮙᮤᮒᮤ ᮞᮊᮧᮜ ᮓᮞᮁ ᮞ᮪ᮓ᮪ ᮔᮨᮕᮤ ᮊ ᮞ᮪ᮙ ᮞᮨᮊᮧᮜᮂ ᮙᮨᮔᮨᮍᮂ ᮃᮒᮞ᮪ ᮞᮀᮌᮩᮞ᮪ ᮊᮜᮥᮃᮁ ᮊᮕᮥᮒᮥᮞᮔ᮪ ᮒᮤ ᮌᮥᮕᮨᮁᮔᮥᮁ ᮏᮝ ᮘᮛᮒ᮪.

                                               

ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪, ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪

                                               

ᮊᮝᮜᮤ, ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪

                                     

ⓘ Sunda

Sunda nyaéta éntitas bangsa/séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa, nyaéta urang Sunda, nu ngagunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana.

Kecap Sunda bisa nujul ka rupa-rupa harti nu sacara umum patali jeung wewengkon bagian kulon kapuloan Indonésia. Titinggal sajarah pangheubeulna nu nyebut-nyebut kecap Sunda nyaéta prasasti Kebonkopi 2 nu dijieun taun 536 M atawa 458 Saka dina basa Malayu nu nujul ka karajaan Sunda aya ogé nu boga pamanggih yén prasasti ieu dijieun taun 932 M, atawa 854 Saka. Kecap Sunda ogé geus aya ti saprak 4000 SM anu geus kaliwat numutkeun filologi Proto Melayu dipikanyaho pang kolotna di Asia, singhoréng gening leuwih ngora tibatan Proto Soendic Sunda rebuan taun Bern Nothover, 1973.

Urang Sunda miboga kayakinan yén mibanda étos atawa karakter kasundaan, salaku jalan ka kautamaan hirup. Karakter Sunda nu dimaksud nyaéta cageur sehat, bageur baik, bener benar, singer mawas diri, jeung pinter cerdas. Karakter ieu geus dituluykeun ku masarakat nu cicing di Jawa barat ti jaman Kerajaan Salakanagara.

Urang Sunda mibanda ciri mandiri, kayaning soméah, lemes dina cumarita, resep heureuy, tur loba akalna.

Urang Portugis nu kungsi sagulung sagalang jeung urang Sunda, nyebutkeun cenah urang Sunda té jalujur, sarta lébér ku wawanén.

                                     

1. Etimologi

Aya sababaraha definisi Sunda nurutkeun para ahli, di antarana:

  • Kécap Sunda dina An Index to the names in the Mahabharata karangan S. Sorensen hartina: Ngaran Dewa Wisnu, Ngaran Daitya Buta anak Nisunda Nikhumba jeung dulurna Upasunda. Ieu dua dulur téh silihpaéhan lantaran marebutkeun Widatina geulis nu ngaranna Tilottama.
  • Numutkeun pamanggih G.P Rouffaér kecap Sunda asalna tina basa hindu, nyaéta:Sund hartina moncorong, Ngaran dewa wisnu, Ngaran daitya buta, Ngaran hiji monyet, Cuddha hartina bodas, Sa-udha, Sa-tunda hartina panundaan/gudang, Sugema.
  • Sunda hartina éndah, dina carita Mundinglaya Dikusumah aya garwa Prabu Siliwangi anu jenenganana Nyai Mantri Manik Manusunda, sakapeung disebut Kentring Manik Manusunda, anu hartina Nyai Mantri Permata Ciciptan anu Endah.
                                     

1.1. Etimologi Basa Sanskerta

Sund hartina moncorong A Sanskrit-English Dictionary karangan Monier Williams. Numutkeun kana basa Sansakerta, harti Sunda téh aya genep, nyaéta: Bercahaya, terang benderang, anu ngarawat alam/dunya, Satria anu mibanda tanaga gedé, satria anu trampil, bodas beresih, ngaran gunung di beulah kalér kota Bandung.

                                     

1.2. Etimologi Basa Kawi

Numutkeun basa Kawi aya opat harti Sunda, nyaéta:" Cai” hartina daérah anu loba cai," Tumpukan” hartina subur," Pangkat” hartina mibanda kualitas," Waspada” hartina ati-ati.

  • Sunda hartina pangkat
  • Sunda hartina jumplukan
  • Sunda hartina ati-ati
  • Sunda hartina cai
                                     

1.3. Etimologi Basa Jawa

Numutkeun basa Jawa aya lima harti Sunda, nyaéta:" Tersusun” hartina tartib," Nyatu/Bersatu” hartina hirup rukun," Angka dua candra sangkala” hartina saimbang," Naék” hartina kualitas hirupna terus naék," Terbang melambung” hartina beuki naék kualitasna. Dina Kamus Jav-Ned. Handwoordenbook karangan J.E.C. Gericke jeung T. Roorda disebutkeun yén Sunda téh hartina numpuk, nyusun, ngarangkep, kécap atawa sora dirajek. Upama dijieun candrasangkala hartina dua, asalna tina basa Jawa unda anu hartina: Ngunda jangkrik anu rek diadukeun, Ngapungkeun langlayangan. Dina basa Jawa tunda hartina tumpukan, susun.

                                     

1.4. Etimologi Basa Sunda

Numutkeun basa Sundana, kecap Sunda mibanda harti:" Lumbung” hartina subur makmur," Sonda” hartina alus," Sonda” hartina unggul," Sonda” hartina senang, bungah," Sonda” hartina sarua jeung kahayang haté," Sondara” hartina lalaki anu kasép," Sondari” hartina awéwé anu geulis, Pinuh ku rasa kanyaah, Éndah.

  • Sunda hartina ngéntép seureuh
  • Sunda hartina ngapung
  • Sunda hartina angka dua 2 dina itungan candrasangkala atawa suryasangkala
  • Sunda hartina ngahiji
  • Sunda asalna tina kecap unda, artina naék
                                     

2. Widang géografi/géologi

Istilah-istilah dina widang géografi/géologi nu ngagunakeun kecap "sunda" diwanohkeun ku pangumbara Kulon ti Éropa, di antarana

  • Selat Sunda
  • Kapuloan Sunda Gedé
  • Kapuloan Sunda Leutik
  • Laut Sunda
  • Amparan Sunda
                                     

3. Dialék Basa Sunda

Ditempo tina linguistik, basa Sunda jeung basa Baduy ngawangun hiji rumpun/dapuran basa Malayu-Sumbawa. Kalawan rupa-rupa dialék:

  • Dialék Wétan dipaké ku masarkat daérah Majalengka, sarta sabagéan Kabupatén Indramayu
  • Dialék kalér Bogor jeung daerah Pantura
  • Dialék kulon ilaharna diucapkeun ku masarakat Banten jeung Lampung beulah kidul
  • Dialék Ciamis
  • Dialék Kidul Priangan, taya lian urang Bandung jeung sabudeureunna
  • Dialék Cirebon

Urang Portugis nu kungsi sagulung sagalang jeung urang Sunda, nyebutkeun cenah urang Sunda ma jujur, sarta lébér ku wawanén.

                                     

4. Tempo ogé

  • Aksara Sunda, aksara Sunda buhun nu kapanggih dina naskah-naskah buhun titinggal mangsa karajaan Sunda
  • Kidung Sunda, hiji naskah nu nyaritakeun kajadian perang Bubat
  • Paguyuban Pasundan
  • Sajarah Sunda
  • Arsitéktur#Wangunan Sunda, bentuk-bentuk tradisional wangunan Sunda
  • Kala Sunda, kalénder Sunda
                                     

5. Tumbu kaluar

  • salemku.co.cc: portal komunitas Sunda Salem
  • KUSnét Komunitas Urang Sunda di Internet
  • SundaNet.Com: portal komunitas Sunda
  • ruparupikasundaan.blogspot.com: portal Kasundaan
                                               

Ngaran-Ngaran Poe Sunda

Ngaran-Ngaran poé dina Sastra Sunda --- Dina Basa Sunda aya istilah Saptasara. Sapta hartina 7, Sara hartina Poe, jadi Saptasara téh 7 Ngaran poé dina Sastra Sunda. Di handap ieu ngaran-ngaran poé Saptasara: méans Saturday --- Mangga Diedit

                                               

Pengguna:Syaifan Bahtiar Nirwansyah

Hi babaturan Wikipedia Sunda. Nami abdi Syaifan Bahtiar Nirwansyah. Abdi asli urang Sunda. Abdi oge aktif di wiki sareng social media. Abdi mah masih pemula ngaggunakeun wiki sunda teh alias masih belajar euy

                                               

Ki Barera

Ki Barera Nyaeta salah sahiji tatangkalan sunda anu ngaran ilmiahna Tetrastigma dichotomum. Ngaran sejen ieu tatangkalan nyaeta Geographical distribution. kagunaan ieu tatangkalan nyaeta kanggo ubar tradisional. bentuk asal jeung kahirupan di distribusi geografis.

                                               

Ki Bancet

Ki Bancét nyaéta salah sahiji tatangkalan any ngran ilmiahna Turpinia sphaerocarpa Hassk. Lian ti éta dipikawanoh ogé kalayan ngaran bangkong di tatar Sunda, langkiang etem di Simeuleu, geretak, maba, tapong-tapong di Malaysia, sarta laloi di Filipina.

                                               

Badingdut

Badingdut nyaéta lamban kaén mozaik dijieun tina bahan jeung warna kaén matukang tonggong nu dijait di sambung-sambungkeun. Asalna tina guntingan kaén sésa ngaput. Tina kaén badingdut bisa dijieun salasahiji nu guna keur nu nyieunna, saperti simbut, taplak méja, sepré, wadah surat, tutup poci. Di padésaan badingdu t ilaharna dipaké simbut, jeung bahanna téh lain tina guntingan bahan kaén sesa nu anyar kénéh, tapi tina kaén urut baju jst. Nu geus heubeul.

Free and no ads
no need to download or install

Pino - logical board game which is based on tactics and strategy. In general this is a remix of chess, checkers and corners. The game develops imagination, concentration, teaches how to solve tasks, plan their own actions and of course to think logically. It does not matter how much pieces you have, the main thing is how they are placement!

online intellectual game →